Kacaturkeun di lembur Salikur Rahul keur mangsana usum langlayangan. Abong heueuh keur usumna, nu maraen langlayangan teh sihoreng lain ngan ukur barudak, tapi oge aki-aki jeung nin…….. Eh, bit! Euweuh ketang nini-nini mah!
Si Kabayan teu tinggaleun, harita teh keur getol nyieunan langlayangan keur pakeeun jeung keur jualeun. Lumayan cenah keur meuli suluh! Da nyaeta ari kudu ngala sorangan mah sangheuk cenah, bongan sok matak cape!
Urang susul nurutkeun judul, urang teang gancangna carita, tengah peuting keur jemplang jempling Si Kabayan ngahariring lir anu keur humarurung, aeh tibulak, kuduna mah humarurung lir ucing gering keur ngahariring, atra pisan kadengena ku sang garwa, Si Kabayan lir nu gering kanyenyerian. Atuh geuwat Raden Ajeng Nyai Iteung ngorejat hudang, seja narok aeh nakon ingkang panutan, na ku naon bet humarurung kawas nu nguyung.
Kieu cenah gunem caturna Si Kabayan (K) jeung Nyi Iteung (I) teh:
I: Ku naon akang, geuning bet humarurung? Tiris?
K: Lain Nyai, lain tiris, tapi ieu curuk kami nyanyautan !
I: Cikan, ngilikan!
K: Yeuh geura jeueung ku Nyai, curuk kami mani bukekeng, jadi sagede kieu!
I: Ah, sagedena oge curuk, moal sagede eta!
K: Hus, bet geuning jorang nyaneh mah, Iteung!
I: Jorang kumaha ari akang !
K: Geuning bieu bet make nyebut sagede “eta”. Ari “eta” teh naon ?
I: Maksud Iteung mah sagede ieu akang, ieu yeuh ……….. halu lulumpang!
K: Ih, ari sugan teh!
I: Hayu atuh akang, cuang ka kandang munding, ke di ditu cuang ubaran!
K: Ari nyaneh Iteung, minculak teh kabina-bina, nanahaonan uubar di kandang kebo!
I: Saur Abah………….. mun isuk jaganing geto urang ngalaman raheut curuk, tah
kawas akang ayeuna, lelepkeun we kana “eta” munding bikang !
K: Montong kalah ngaheureuyan deuleu Iteung, curuk kami teh enyaan nyeri !
I: Ongkohna ge saha nu ngaheureuyan, da ieu oge enyaan. Hayu cuang buktikeun !
Si Kabayan eleh geleng, kuniang hudang, terus ngikclik nuturkeun ingkang garwa. Kabeneran peuting harita teh bulan keur mabra, bubuhan keur tanggal wewelasan. Gancangna carita, tepi weh ka kandang kebo tea Kabeneran munding bikang teh depana nonggeng ka luar. Mokaha, mebeskeun curuk kana “etana” teh teu matak hese da bisa dirongkong ti luar.
I: Sok atuh atuh akang lelepkeun curukna.
Si Kabayan nurut, tapi gancang dibetot deui.
I: Ulah ngan ukur anclom atuh akang, anggur keueumkeun sing rada lila!
Si Kabayan nurut deui, curukna dilelepkeun deui, ayeuna mah terus dikeueumkeun salila-lila. Kakara diludang sanggeus Nyi Iteung ngajakan balik. Enya we, curuk Si Kabayan teh ayeuna mah kempes bari jeung teu nyeri deui cenah. Ngan orokaya, heuleut sababaraha peuting ti harita, pareng dina tengah peuting nu sepi jempling, katambah alam keur poek mongkleng bongan bulan teu nembongan, kacaturkeun Si Kabayan gering deui, humarurung kawas nu kungsi kaalaman. Ana ditanya ku sang garwa, walonna teh sarua jeung nu tiheula. Kieu cenah gunem caturna.
I: Ku naon deui akang ?
K: Haduh halah Iteung, ieu curuk kami nyeri deui.
I: Duh kumaha atuh akang, da ayeuna mah keur poek bulan, etana ge moal kajeueung !
K: Ah naaaa bet ngeok memeh dipacok, urang rarampa we !
I: Nya heug atuh, hayu !
Gancangna carita, Si Kabayan jeung Nyi Iteung geus cunduk kanu dijugjug.
I: Baeu akang, mana curukna ?
K: Ieu Iteung !
I: Euleuh, bareuh-bareuh enyaan ayeuna mah akang, geuning jadi gede pisan !
K: Nyaeta, tak tage !
I: Sok atuh akang, geuwat lelepkeun !
Si Kabayan nurut, tapi teu lila Nyi Iteung nyarita deui.
I: Ulah dikeueumkeun wae atuh akang, bisi buruk !
K: Beu, bet lalawora. Kumahakeun atuh Iteung ? Bedo ?
I: Hih, atuh moal cageur ari bedo mah akang !
K: Dikeueumkeum matak buruk, dibedokeun moal cageur ! Jadi lieur yeuh !
I: Ih, puguh ngarah teu lieur ! Pulang antingkeun angguranan akang !
K: Haaaar, na ari maneh Iteung !
I: Da ieu mah lain eta munding, akang ………. nu Iteung !
K: Euleuh, kutan ! Hadena weeee, ieu oge lain curuk, Iteung ………. nu kami !
Sumber: http://www.urangsunda.net
No comments:
Post a Comment