Ditulis ku Dudi Herlianto
Salasa, 12 Desember 2006
Assalamu'alaikum wr. wb.
Aa gym, simkuring teh nonoman umur 18 taun. hoyong pisan janten jalmi beunghar: beunghar elmu, beunghar harta, beunghar hate, jeung beunghar amal hade. nya ngalangkungan kolom ieu sim kuring bade ngumaha ka aa gym kumaha tips praktis supados simkuring tiasa ngawujudkeun ieu kahoyong nu diimpi-impi. sateuacanna hatur nuhun kana waleranna, pamugi Alloh ngamulyakeun aa gym sakulawargi.
Waleran:
Wa'alaikumussalam wr. wb.
Aa nganuhunkeun pisan kana doana, mugya Alloh oge masihan ngagampilkeun sareng ngamampukeun ayi ngawujudkeun sadaya nu dicita-citakeun.
Konci jadi beunghar -- dina sagala hal -- nyaeta "GIGIH".
"G" : kahiji nyaeta gairah. saha wae nu hayang sukses, kudu boga gairah, sumanget, jeung motipasi luhur hayang maju. Euweuhna gairah jeung sumanget, naon wae nu ku urang dipiboga moal aya hartina.
"I" : kahiji nyaeta elmu. Urang hayang dunya kudu make elmu, hayang aherat kudu make elmu, hayang duanana oge kudu make elmu. Elmu ngarupakeun hal anu kudu. euweuhna elmu hirup euweuh hartina. Saran ti aa terus diajar. sesakeun (asalna: sisihkan) artos keur sakola, keurseus, meses buku, ngaluuhan seminar, jeung keur kagiatan sejenna. Oge lobaan ngumpul jeung jalma-jalma alim katut mulya ahlakna. Unggal poe kudu nambah poe jeung pangalaman anyar. Kudu jadi udagan hirup urang.
"G" : kadua nyaeta gagasan. urang kudu boga gagasan kreatip supaya sukses. Jadi, kudu mindeng berpikir*, merenung * jeung ngumpulkeun inpormasi saloba-lobana. Tuliskeun gagasan nu datang. Gagasan teh mahal. Ulah nepi ka kabur kitu wae. Nu teu eleh penting, prakna gagasan eta dipigawe (nu realistik tangtuna).
"I" : kadua ibadah. Kuatkeun kualitas ruhiyah ngaliwatan ibadah. Gawean ibadah-ibadah nu dipikarido ku Alloh. Salat dina waktuna jeung berjemaah, ngamulyakeun masjid, saum sunah, tahajjud, sedekah, maca kur'an, jeung sajabana. Ibadah teh nangtukeun kualitas urang sakaligus muka datangna pitulung Alloh.
"H" : nyaeta hate. Ihtiar jeung ibadah bakal ngurangan lamun hate masih kotor. Jadi, bersihkeun hate salawasna. Lempengkeun niat, jauhan panyakit hate jeung hias hate ku ahlak-ahlak nu alus.
Wallaahu a'lam.
Sumber: http://www.urangsunda.net
Showing posts with label Tokoh Si Kabayan. Show all posts

14 January 2009
Si Kabayan Raheut Curuk
Kacaturkeun di lembur Salikur Rahul keur mangsana usum langlayangan. Abong heueuh keur usumna, nu maraen langlayangan teh sihoreng lain ngan ukur barudak, tapi oge aki-aki jeung nin…….. Eh, bit! Euweuh ketang nini-nini mah!
Si Kabayan teu tinggaleun, harita teh keur getol nyieunan langlayangan keur pakeeun jeung keur jualeun. Lumayan cenah keur meuli suluh! Da nyaeta ari kudu ngala sorangan mah sangheuk cenah, bongan sok matak cape!
Urang susul nurutkeun judul, urang teang gancangna carita, tengah peuting keur jemplang jempling Si Kabayan ngahariring lir anu keur humarurung, aeh tibulak, kuduna mah humarurung lir ucing gering keur ngahariring, atra pisan kadengena ku sang garwa, Si Kabayan lir nu gering kanyenyerian. Atuh geuwat Raden Ajeng Nyai Iteung ngorejat hudang, seja narok aeh nakon ingkang panutan, na ku naon bet humarurung kawas nu nguyung.
Kieu cenah gunem caturna Si Kabayan (K) jeung Nyi Iteung (I) teh:
I: Ku naon akang, geuning bet humarurung? Tiris?
K: Lain Nyai, lain tiris, tapi ieu curuk kami nyanyautan !
I: Cikan, ngilikan!
K: Yeuh geura jeueung ku Nyai, curuk kami mani bukekeng, jadi sagede kieu!
I: Ah, sagedena oge curuk, moal sagede eta!
K: Hus, bet geuning jorang nyaneh mah, Iteung!
I: Jorang kumaha ari akang !
K: Geuning bieu bet make nyebut sagede “eta”. Ari “eta” teh naon ?
I: Maksud Iteung mah sagede ieu akang, ieu yeuh ……….. halu lulumpang!
K: Ih, ari sugan teh!
I: Hayu atuh akang, cuang ka kandang munding, ke di ditu cuang ubaran!
K: Ari nyaneh Iteung, minculak teh kabina-bina, nanahaonan uubar di kandang kebo!
I: Saur Abah………….. mun isuk jaganing geto urang ngalaman raheut curuk, tah
kawas akang ayeuna, lelepkeun we kana “eta” munding bikang !
K: Montong kalah ngaheureuyan deuleu Iteung, curuk kami teh enyaan nyeri !
I: Ongkohna ge saha nu ngaheureuyan, da ieu oge enyaan. Hayu cuang buktikeun !
Si Kabayan eleh geleng, kuniang hudang, terus ngikclik nuturkeun ingkang garwa. Kabeneran peuting harita teh bulan keur mabra, bubuhan keur tanggal wewelasan. Gancangna carita, tepi weh ka kandang kebo tea Kabeneran munding bikang teh depana nonggeng ka luar. Mokaha, mebeskeun curuk kana “etana” teh teu matak hese da bisa dirongkong ti luar.
I: Sok atuh atuh akang lelepkeun curukna.
Si Kabayan nurut, tapi gancang dibetot deui.
I: Ulah ngan ukur anclom atuh akang, anggur keueumkeun sing rada lila!
Si Kabayan nurut deui, curukna dilelepkeun deui, ayeuna mah terus dikeueumkeun salila-lila. Kakara diludang sanggeus Nyi Iteung ngajakan balik. Enya we, curuk Si Kabayan teh ayeuna mah kempes bari jeung teu nyeri deui cenah. Ngan orokaya, heuleut sababaraha peuting ti harita, pareng dina tengah peuting nu sepi jempling, katambah alam keur poek mongkleng bongan bulan teu nembongan, kacaturkeun Si Kabayan gering deui, humarurung kawas nu kungsi kaalaman. Ana ditanya ku sang garwa, walonna teh sarua jeung nu tiheula. Kieu cenah gunem caturna.
I: Ku naon deui akang ?
K: Haduh halah Iteung, ieu curuk kami nyeri deui.
I: Duh kumaha atuh akang, da ayeuna mah keur poek bulan, etana ge moal kajeueung !
K: Ah naaaa bet ngeok memeh dipacok, urang rarampa we !
I: Nya heug atuh, hayu !
Gancangna carita, Si Kabayan jeung Nyi Iteung geus cunduk kanu dijugjug.
I: Baeu akang, mana curukna ?
K: Ieu Iteung !
I: Euleuh, bareuh-bareuh enyaan ayeuna mah akang, geuning jadi gede pisan !
K: Nyaeta, tak tage !
I: Sok atuh akang, geuwat lelepkeun !
Si Kabayan nurut, tapi teu lila Nyi Iteung nyarita deui.
I: Ulah dikeueumkeun wae atuh akang, bisi buruk !
K: Beu, bet lalawora. Kumahakeun atuh Iteung ? Bedo ?
I: Hih, atuh moal cageur ari bedo mah akang !
K: Dikeueumkeum matak buruk, dibedokeun moal cageur ! Jadi lieur yeuh !
I: Ih, puguh ngarah teu lieur ! Pulang antingkeun angguranan akang !
K: Haaaar, na ari maneh Iteung !
I: Da ieu mah lain eta munding, akang ………. nu Iteung !
K: Euleuh, kutan ! Hadena weeee, ieu oge lain curuk, Iteung ………. nu kami !

Tokoh Si Kabayan
Kabayan mangrupakeun ngaran hiji tokoh imajinatif Sunda nu ku masarakat umum (Sunda, umumna di Indonésia) dianggap salaku manusa lucu, polos, kedul, tapi sakaligus cerdas. Carita-carita lucu ngeunaan Kabayan nu sumebar di masarakat Sunda kawilang loba pisan, mekar dina budaya lisan ti abad ka-19 kénéh. Dedegan Kabayan katut paripolahna téh terus hirup dina angen-angen kahirupan urang Sunda, luyu jeung kamekaran jamanna.
Dedegan Kabayan sok dipapandékeun jeung tokoh nu sarupa dina kahirupan bangsa Arab, kayaning Abunawas atawa Nasrudin.

Carita Filosofi si Kabayan
abdi ayena ngumpulkeun caritaan si kabayan akhh..si kabayan teh teu jauh tie carita abunawas...hehehe lucu2 tapi melegenda euy.
Teu kudu ngarasula mun urang can diparengkeun pinanggih jeung kabagjaan. Naon sababna? Da hirup mah lain keur senang-senang, kitu saur pa Ustad oge. Ari geus keur naon atuh saestuna urang hirup teh?
Jawaban idealna, hirup teh lir ibarat sakola. Unggal poe urang kudu terus-terusan diajar. Kudu perih, teu kaci ogoan, teu kaci melencing, mumul, babarian jsb. Ku naon make kudu tipoporose diajar? Pan sangkan lulus ujian. Eta tujuan jangka pondokna. Cukup nepi ka dinya? Tangtu bae henteu ngan ukur tepi ka dinya, sabab tujuan jangka panjang sarta anu pangpentingna pisan mah bisa nyangking tur ngamalkeun naon-naon anu ku urang diundeuran di sakola. Ku naon pangna kudu lulus ujian? Pan nya di dinya pisan urang bisa ngukur kamampuh urang sangkan kanyahoan nepi kamana nyerepna elmu.
Sanajan hirup memang lain keur senang-senang, tapi lain hartina hirup teh bakal susah salilana. Cek si Kabayan, hirup mah heuheuy jeung deudeuh. Maksudna, tara senang salilana, oge sabalikna tara susah salilana. Aya waktuna urang seuri bungah, sanajan kadang-kadang urang kudu ngarandapan kasedih, katugenah jeung sajabana. Hanjakalna, kalolobaanana urang mah sok sarakah, hayang senang salilana, nepi ka lamun ngarandapan kasusah teh sok aral, malah sakapeung mah jiga nu mangloh ka Pangeran. "Duh Gusti, na hirup teh mani asa susah-susah teuing atuh?" Padahal mun keur senang mah boro-boro inget kana sukuran, nganuhunkeun ka nu Maha Masihan Kasenangan.
Mun urang daek diajar, sabenerna loba hal anu bia diconto tina carita-carita si Kabayan. Tokoh rekaan nu hirup dina budaya Sunda ieu teh, saestuna lain ngan saukur tokoh pangedulan nu kabisana ngan ukur nipu batur, calutak ka mitoha jsb. Si Kabayan mah ngan ukur wayang. Sikep, rengkak paripolah, katut pamikiranana ditangtukeun ku dalang nu ngigelkeunana. Ajip Rosidi dina salah sahiji essayna kungsi nyebutkeun:
"...pasipatan tokoh si Kabayan téh henteu salilana konsisten. Maksud téh dina saban carita sipat si Kabayan téh henteu salilana sarua. Sakapeung digambarkeun pangedulan, teu nyaho di cedo, wani kurang ajar ngaheureuykeun mitoha. Sakapeung digambarkeun jadi tukang tipu anu resep ngabobodo batur kaasup mitohana sorangan. Cindekna unggal pangarang anu nyiptakeun carita si Kabayan bisa ngagambarkeun pasipatan tokohna luyu jeung kahayangna."
Hanjakalna, cek pamanggih kuring, aya nu kaliwat dina statement Ajip. Si Kabayan teu salawasna digambarkeun ngabogaan sipat negatip. Lamun urang leukeun ngalenyepanana, saenyana dina dongeng si Kabayan loba siloka nu bisa dijadikeun luang. Upamana wae tina carita di handap ieu:
Hiji poe si Kabayan jeung si Lamsijan jalan-jalan ngajugjug ka hiji tempat. Sapanjang jalan si Lamsijan teu weleh gogodeg sabab teu ngarti ku lalampahan si Kabayan. Unggal manggih tanjakan si Kabayan ngagakgak seuseurian siga nu manggih kabungah rongkah. Sabalikna, unggal manggih pudunan manehna ceurik ngageunggeuik jiga nu kanyenyerian. Banget teu ngarti, tungtungna si Lamsijan nanya.
"Kabayan, kami mah teu ngarti, ku naon unggal manggih tanjakan silaing kalah seuseurian, padahal kami mah kacida susahna sabab nanjak teh cape? Ari manggih pudunan, hayoh kalah curik jiga nu susah, padahal kami mah bungah, sabab leumpang ge ngareunah teu matak cape. Henteu siwah mah silaing teh?"
"Ah, teu gelo teu sing. Silaing we nu bodo. Ieuh Lamsijan, pangna kami seuseurian mun manggih tanjakan teh, kami mah nyaho mun geus nanjak pasti manggih pudunan. Pan lain matak bungah eta teh? Nu matak kami kalahka seuseurian. Sabalikna mun keur leumpang dina pudunan, kami kacida sedihna, sabab yakin sanggeus beak pudunan, pasti bakal manggih tanjakan. Na dikira ngeunah kitu leumpang di nu nanjak teh? Nu matak tong heran mun kami ceurik sajeroning leumpang mapay pudunan."
Sabengbatan, carita di luhur siga carita lelewodeh ti jelema nu teu pati jejeg. Padahal saestuna ieu teh siloka nu kacida lantipna. Aya pesen moral yen urang salawasna kudu siap nyanghareupan kajadian naon bae nu bakal tumiba ka urang. Mun ayeuna kabeneran keur nanjung jadi pejabat, ulah nepi ka poho yen hiji mangsa mah urang bakal turun tina kalungguhan nu keur dicangking kiwari. Mun urang keur beunghar lubak libuk loba dunya, ulah poho yen eta teh ukur titipan, tur kudu rido mun sawaktu-waktu dipundut ku nu Kagungan. Sabalikna mun urang keur aya dina kasusahan, omat ulah putus pangharepan, sabab pasti dina hiji mangsa mah urang bakal kasinugrahaan ku kasenangan.
Pan cek tadi ge, hirup mah heuheuy jeung deudeuh.

Subscribe to:
Posts (Atom)